amarullz

Programming is an art, Bridging between technically and asthetically.


Bookmark This Page · Follow me at Twitter! · Become my Friend at Facebook · My Google+

Ragrag na Tangkal Nangka....

Ragrag na Tangkal Nangka....
Ngaran sayah Abah Maman. Alamat jalan pajajaran. Lantaran sayah aya maksad hajat, da bakal nanggap wayang sagala. Sayah kapaksa ngala nangka ka Majalaya. Tangkalna ngajajar dalapan pas bantaran jalan sasak. Sayah mawa karanjang, jang ngala nangka badag jaba arasak.

Barang datang ka Majalaya, Sayah gagancangan ngalacat kana tangkal nangka pangbadagna. Sayah cacalawakan, sabab aya rangrang na calana ngarayap kana palangkangan. Lantaran sayah ajrag-ajragan, nya ragrag ka handap, nangkarak na sawah saat. Sayah rada sangsara, kakarayapan na sawah saat aya kana dalapan jamna, jaba lapar. Dasar jalma aya kahayang, kalah sangsara!

Lantaran aya kabar ragrag, tatangga, sarta baraya-baraya marapay. Barang datang baraya prak naranya. "Naha abah maman gagabah? Ngala nangka kakalacatan kana tangkal sagala? Pan aya gantar panjang!"

"Halah!...nyangka salah ka abah? Saha jalmana hayang sangsara na sawah saat? Nangkarak bangkawarah jaba kakarayapan sagala? Jangarrr kana mastaka!" Abah maman ngajawab.

Lantaran ragrag, Abah maman kasawang panyawat rada parna. Para barayana aya maksad tatamba ka rancabadak. Jalana mapay-mapay sawah. Bras ka jalan satapak, saacan ka jalan aspal, clak kana kahar.

Barang datang, satpam nanya,"Wah, saha nya? asa apal? Abah Maman? Wah, kawasna rada gawat panyawatna! Payang kana blankar!" satpam mapatahan ka staf rancabadak.

Abah Maman mapay gang panjang, bras ka kamar salapan. Rada lawas, pas jam dalapan, warga pajajaran, tatangga, baraya ngaralayad.

Cag! Lalampahan abah maman tatamba ka rancabadak.
 
Wassalam. Tamat...
Format Lainnya : PDF | Google Docs | English Version
Diposting pada : Kamis, 24 Juni 10 - 16:21 WIB
Dalam Kategori : HUMOR, SUNDA, CARITA, DONGENG
Dibaca sebanyak : 4675 Kali
Tidak ada komentar pada blog ini...
Anda harus Login terlebih dahulu untuk mengirim komentar
Facebook Feedback